Contoh teks naskah surat lamaran cerita dongeng: Dongeng Ciung Wanara - Naskah Buhun Ciung Manarah

Dongeng Ciung Wanara - Naskah Buhun Ciung Manarah

Contoh dongeng bahasa Sunda dari Naskah Buhun Ciung Manarah

ciung batu (kutilang)
Urang caritakeun deui aya nu tapa di Gunung Padang, yen kawasa, dingaranan Ajar Sukaresi.

Mangka hatur ka Sang Ratu yen kawasa. Saurna Sang Ratu, “Ah, aing neang ka nu tapa.” Mangke greuhana ditapokan mohana ku kancah. Saur Sangratu, “Patih, hatur keun ka nu tapa, Sangratu bareuh mohana, kunaha ?”.

Tuluy ku Kai Patih haturkeun kanu nu tapa. Haturna Kai Putih ka nu tapa, “Nuhun, kaula dipiwarang ku Sang ratu, sang Ratu beureuh mohana, kunaha ?” Saur nu tapa, “eta oge eukeur bobot Sang Ratu.” Kai Putih tuluy pulang, hatur ka Sang ratu.

“Kumaha patih saur nu tapa?” “Nuhun, Sang Ratu, “Bohong nu tapa, pagah kawasa.” Arina diteang kancah teu aya, Sang ratu ngandeg. Datang ka bulanna, babar. Dingaranan hariang Banga.

Lawas-lawas Sang ratu uwar ka sanagara yen sang ratu eukeur boga seuweu. Saur Sang Ratu, “Patih, hatur ka nu tapa, Sang Ratu eukeur di boga deui seuweu.” “Rampes“ carekna kai Patih.

Ari datang ka nu tapa tuluy hatur, carekna kai Patih, “Kaula nuhun, dipiwarang ku Sang Ratu.” Saur nu tapa, “Dipiwarang naha, Kai Patih ?’ “Mangka Sang ratu bobot, naha ewe-ewe ta lalaki piseuweueunna na ?” / Saur nu tapa, “Reya deui Sang ratu nu tapa, Kai Patih haturkeun ka Sang Ratu, saur nu tapa piseuweunnana ewe-ewe.”

Saur Sang Ratu, “Bohong nu tapa, eta oge kateh.” Arina diterang kateh teu aya. Sang ratu tuluy ngandeg. Ari lawas-lawas ka bulanna, tuluy babar Sang Ratu.

Arina dibireungeuh istri seuweu Sang Ratu. Caritakeun deui reyana para putra. Ratu Maraja lenggang seuweuna Ratu Ayub nu calik di Nusa Kambangan. Arina patutan nya Hariyang Banga turunan Ajar, pulang jiwa nu ngasa di Sumade Kidul Balikna ka Majapait. Patutan ti Ratu Prawata, eta seuweu Prebu Gunung, Sang Raja Panji.

Patutan deui ti Ratu Maraja Dewi Angin Ratu Pagedongan. Ratu Maraja Dewi seuweuna Prebu Wiratmaka, Ratu Marajasakti. Patutan ti Maraja Dewa Putra raba duwa welas nu nyarita tilu.

Mangka turun Ratu Komara ti swarga ngayuga dayeuh di Bojong Cimandala wateun reujeung Cigagakjalu.

Mangka gering sanagara Galuh. Saur Sang Ratu, kaula rek hatur ka nu tapa, menta tamba gering.” Hatur Kai Patih, “Nuhun, kaula dipiwarang ku Sang Ratu, menta tamba gering sanagara?” “Kaula nuhun Sang Ratu, kaula rek hatur ka nu tapa, menta tamba gering sanagara,” Saur nu tapa, “Rampes.” Mangka ngala sagala tamba. Tuluy dihaturkeun ka Kai Patih, “iyeu tamba gering, haturkeun ka Sang Ratu, kami dek nuturkeun pandeuri.” “Kaula amit”. Saur nu tapa, “Pileuleuyan, Kai Patih” “kaula nuhun, Sang Ratu, ieu tamba gering sanagara tinu tapa.” Tuluy di tampanan ku Sang Ratu. Arina di buka, beh reundeu. Tuluy di dahar ku Sang Ratu, nyat waras sanagara Galuh.

Tuluy ka seba deui ka para mantra. Lila lila tuluy datang Kai Ajar. Saur Sang Ratu, “Sukur temen Kai Ajar datang. Reundeu baan saha?” Saur Kai Ajar, “Nuhun, ku kaula; lawas-lawas ari cukul, kahatur keun ka sampeyan.” “Kai Ajar, ari kitu ngabakti keun sesa. “Mangka Sang Ratu bendu. Saur Sang Ratu, Patih paehan Kai Ajar.” Mangka di cekel ku Kai Patih, dibaan ka ranca Cibungur.

Saur Kai Ajar, “Kai Patih, haturkeun saur kami ka Sang Ratu, jajaga ari boga deui seuweu lalaki nya eta nu di paehan teh.” Tuluy di telasan. Ngalambangkeun beureum getihna di ranca Cibungur, mangka dingaranan Cibeureum.

Lawas-lawas Sang Ratu ngadeg. Datang ka bulanna, lahir, arina dibireungeuh lalaki. Mangka diasupkeun kana kandaga kancana reujeung ending sahulu, duhung sapucuk. Tuluy dipalidkeun ka Citanduy.

-o0o-

Caritakeun deui nini Berangantrang, Aki Berangantrang.

“Nini, hade temen impiyan aing, ngimpi kagugun turan manik kacaahan mirah” “Aki, sugan saapan urang meunang kirim pianak-anakeun.”

Isuk-isuk los diteyang, ngagebur kandaga kancana nyorang ka saapan. Tuluy di bawa ku ninina. Ari dibuka, behna murangkalih, endog disileung leumkeun, keris. Tuluy diteundeunkeun murangkalih. Tuluy dirorok, dipangninggurkeun. Lawas-lawas datang ka tegus cangcut. Mangka dibawa moyan ku na kai ayah.

Bwat ciung. “Ayah, nahaeun eta?” “Ngaranna ciung, anaking.” Bot indungna, bwat bapana, bwat anakna. Pur hiber bapana. “Ayah, ka mana eta arahna?” “Piaraheunnana ka daleum dayeuh.”

”Ah, ngaran aing Ciung Manarah.”
Endog tuluy disileungleum keun. Tuluy megar, dingaranan Singarat Taranjang. Mangka rame di daleum dayeuh nu keur sawungan. “Ayah, aing mah hayang ngadukeun hayam aing.” “Mulah, anaking, bisi eleh marang.” Mengkena murangkalih hayam tuluy dikelek, duhung tuluy disungkelang. Tuluy angkat, ditutur keun ku na ka ayah. Datang ka Pagelaran, heran ningal urang pagelaran. Katingali ku Patih Hariyang Banga, kahatur ka Sang Ratu. Tuluy di saur ku jogan. Saur Sang Ratu, “Ari eta seuweu saha?” “Kaula, nuhun anak kaula.” “Dipudut ku ngaing, Aki Berangantrang diperedikakeun sabawa kita”. Tuluy mulang Aki Berangantrang bari nangis, melang ka kai seuweu. Rek mireungeuh ka Sang Ratu, mireungeuh deui ka Patih Hariyang Banga, tuluy mireungeuh ka sarirana ku anjeun. Lila-lila eling carita, hatur ka Sang Ratu, “Kaula anak andika.” Ngareungeuheun bangkeureuheun miresep hatur sakitu. Lila-lila tuluy eling, Sang Ratu dipundut sungkelangna duhung. Ari dibireungeuh sungkelangna duhung, beh pun Naga Lumenggung. Saur Sang Ratu, “Enmya hidep anaking.” Kahatur ka nyai ibuna. Tuluy dirawu dipangku diceungceurikan. Saur Ciung Manarah, “Rama Ibu, kaula neda waris.” Saur Sang Ratu, “Enggeus beyakeun ku na kai lanceuk, ku Patih Hariyang Banga.” “Aya soteh kari panday domas kurang hiji, eta waris aing ka hidep.” Tuluy disuhunkeun waris. Sang Ratu tuluy dicalikkeun, dijajarkeun, deung na kai lanceuk, deung Patih hariyang Banga dituluykeunna, jengan Patih Ciung Manarah marentahkeun Nusa Tilu Puluh Tilu. Alamna Ratu Galuh pitung ewu tahun. Mangka Patih Ciung Manarah karasa nurunkeun panday domas kurang hiji rek nyieun beusi. Kabireungeuh ku Sang ratu, panujueun. Tuluy dihaturkeun nyieun deui bale beusi. Kabireungeuh, panujuen dihaturkeun. Arina nyieun deui konjara wesi. Arina dibireungeuh ku Sang ratu, panujueun, dihaturkeun. Saur Patih Ciung Manarah, “Henteu nyaho ta jerona, Rama” Tuluy dilebetkeun ku Sang ratu. “Hade,” saur Sang Ratu. Jeprak di kancing ku Patih Ciung Manarah, dijingjing ka paseban, diundangkeun ka sadadayeuh. Teu dibere cai, teu dibere sangu, dikemitan ku para seuweu. Lawas-lawas saurna Patih Ciung Manarah, “Sang Ratu lintuh lintuh keneh.” Horenganan dibalangan keupeul ku Patih Hariyang Banga. Mangka bendu Patih Ciung Manara, mesat hateup sirap, dibalang kang raka. Tuluy bendu ka sang raka. Mangka konjara wesi rek diirik. Ku Patih Ciung Manarah direbut. Ku Ratu pagedongan tuluy disusupkeun ka Gunung Kelong. Tuluy perang, mangka disedekkeun ngetan kang raka. Datang ka Balangbangan, saur kang raka, “Rayi, urang eureun.” “Raka, rampes.” Tuluy eureun teoheun maja, tugna bhwah kalayar. Dicandak ku na kai lanceuk. “Rayi, iyeu bwah naeun?” “Iyeu bwah maja, Raka.” “Ngeunah didahar ?” “Ngeunah, raka.” Arina didahar pait. “Majapait iyeu pingaraneun nagara.” Disedekkeun deui ngulon kang rayi ku kang raka. Datang Tajigbarat, saur kang rai, “Raka, urang eureun.” “Rayi, rampes.” Eureun teoheun paku tug bwahna. Dicandak ku na kai ais, “Raka, buah naeun iyeu?. “Bwah paku jajat.” “Pakwan Pajajaran ieu ngaran.” Mangka perang deui. Datang ka Taraban, mangka turun Darmasiksa. “Nya prerang, anaking.” Cipamali nerus gunung, teka nunjang ka sagara halerang godong angsana, na kang raka di Candak ku kai mas dipidwah keun ngulon. Tuluy dikumpukeun ka Nagara Galuh ku Darmasiksa. Konjara wesi diparanan ku Ratu Maraja sakti, dicipta tuluy lebur jadi cai, turunna ka dayeuh, mana aya Kandangwesi. Tuluy kumpul deui Nagara Galuh, pada marek ramana neda idin. Mangka matur kang rayi, “Rayi ulang jumeneng ratu ti heula,” Saur Kang Raka, “Suka aing jadi ratu ti heula, da aing kolotna anak putu, rayi ku aing dikawulakeun mo jumeneng nyakrawati lamun teu ngumbara heula”. -o0o- Patih Hariyang Banga karsa murud ngetan, maan kuringna satak sawe nitih Majapahit. Puputra Prebu Mula. Prebu Mula arina puputra Prebu Terusbawa. Terusbawa puputra Terus Bagawat. Terus Bagawat puputra Prebut Terus Gumuling. Prebu Terus Gumuling puputra Prebu Mangoneng. Prebu Mangoneng puputra Prebu Terus Bangbang.Terus Bangbang puputra Ki Gedeng Mesir. Ke Gedeng mesir puputra Ki Gedeng Jati. Ki Gedeng Jati puputra Ratu Prewata. Ratu Prewata puputra Ki Gedeng Mayana. Ki Gedeng Mayana puputra istri, dingarankeun Ratu Sarikem. Ari karma ka wong agung Batullah, dingaranakeun Seh Kures. Kaselangna ku Ratu Pajang manyakit wawatuneun mejangan budak bule pitambaeun. Nimu Ki Gedeng Selang, putri dianggo, manyakit warasna. Putri tuluy bobot./ Arina babar Ki Gedeng Kacung. Ki Gedeng Kacung arina puputra Ki Gedeng Surawul. Ki Gedeng Surawul arina puputra Pangeran Sedang Karapay, puputra Sedang Kajenar. Pangeran Sedang Kajenar puputra Pangeran Sedang Kamuning. Pangeran sedang Kamuning puputra Sutan. Sutan arina puputra Susunan. Susunan arina puputra Susunan Mangkurat. Susunan Mangkurat arina puputra Pangeran Mangkunegara, kang rayi susunan puger, puputra Pangeran Mangkunagara. Pangeran Mangkunagara puputra Pangeran Dipati. Caritakeun deui Ciung Manarah, karsa rek murud ngulon. Mangka maan kuring panday domas kurang hiji nitih lemah Pajajaran. Arina krama ka ratu Endong Kencana. Arina puputra Darma Rehe. Darma Rehe arina puputra Lutung Kasarung. Lutung Kasarung arina puputra Prebu Lingga Hiyang. Prebu Lingga Hiyang puputra Prebu Lingga Wesi. Prebu Lingga Wesi arina puputra Prebu Lingga Wastu. Prebu Lingga Wastu puputra Sang Susuk Tunggal. Sang Susuk Tunggal arina puputra Prebu Mundingkawati. Prebu Mundingkawati puputra Prebu Anggalarang. Prebu Anggalarang puputra Prebu Siliwangi, jumeneng nyakrawati Pajajaran. – Cag (***)

Disadur Oleh Agus Setia Permana dari Carita Waruga – Lima Abad Sastra Sunda – Sebuah Antologi, Jilid I, Wahyu Wibisana dkk. Geger Sunten,Bandung – 2000. Sumber : Poesaka Soenda, No.9,1923). Sumber : pasulukanlokagandasasmita.com