Contoh teks naskah surat lamaran cerita dongeng: Pidato Bahaya Narkoba - Biantara

Pidato Bahaya Narkoba - Biantara

Teks Contoh pidato bahasa Sunda dengan tema Kesehatan - Bahaya Narkotika, Psikotropika jeung Zat Adiktif
Bahaya Narkotika, Psikotropika jeung Zat Adiktif

Psikotropika


Psikotropika teh zat atawa obat salian anu lain narkotika, boh nu alamiah boh sintesis atawa jieunan, anu boga pangaruh psikoaktif ngaliwatan pangaruh selektif kana susunan saraf pusat anu ngalantarankeun parobahan has kana aktivitas normal jeung paripolah nu makena.

Aya opat golongan obat psikotropika


Golongan I, psikotropika anu daya adiktif pangkuatna, contona: MDMA, LSD, STP, jeung ekstasi. Golongan I, psikotropika anu daya adiktif kuat, contona: Amfetamin, metamfetamin, jeung metakualon. Golongan I, psikotropika anu daya adiktif sedeng, contona: Lumibal, buprenorsina, jeung fleenitrazepam. Golongan I, psikotropika anu daya adiktif hampang, contona: Nitrazepam (BK, mogadon, dumolid ) jeung diazepam.

Zat Adiktif Liana

Zat adiktif liana teh zat – zat salian ti narkotika jeung psikotropika anu bisa ngalantarankeun pamakena hese eureun, gumantung pisan kana eta zat, diantarana: 1. Roko 2. Kelompok alkohol jeung inuman sejen nu matak mabok sarta matak deudeuieun. 3. Thiner jeung zat liana kawas lem kayu, pamupus cair jeung aseton, cet, bengsin anu diseuseup matak mabok. Kacindekanana, sakabeh anu disebut Narkotika, Psikotropika jeung Zat Adiktif teh sabenerna mah zat anu ukur mangpaat lamun dipake pikeun ngubaran nu gering kawas pasen kangker atawa nu rek dioperasi sarta mangpaat pikeun panalungtikan di laboratorium. Lamun dipake atawa diasupkeun kana awak ku cara anu teu luyu jeung dosisna atawa aturanana tangtu matak cilaka.

Mung sakitu nu kapihatur, bilih aya basa anu kirang merenanah mugi hadirin kersa ngahapunten.

Wassalamualaikum wr.wb


lihat Pidato Bahaya Narkotika bagian pertama