Biantara anu ngajak pelajar atawa pamuda pikeun ngariksa diri sangkan teu jadi generasi anu boga masa depan suram.
pidato kadua
tingali pidato bagian kahiji
....
Ngararancang atawa nyieun rencana pikeun masa depan teh memang alus jeung wajib. Eta tandana harepan hirup urang teh aya keneh. Anu kudu dicatet ku urang nyaeta kahayang urang anu ngawujud jadi rencana atawa rarancang teh nyeta:
Kahiji kudu aya ukuran, maksudna mah bener urang kudu boga kahayang saluhur-luhurna tapi urang oge kudu ngukur kamampuh jeng kamungkinan bakal katepi atawa henteuna. Aya babasan, elmuna teu kataekan atawa sawan kahayang cenah.
Kadua, rarancang teh ulah ngan saukur dieusi ku hiji kahayang atawa cita-cita tapi sok rencanakeun saloba-lobana. Planning A, B,C... jeung saterusna. Ieu gunana sangkan lamun rencana A nu kahiji teu katepi urang bisa pindah kana rencana B, ..jeung saterusna.
Katilu, pasti ari aya kahayang mah kudu dibarengan ku usaha nu enya-enya. Nu kahayangna mantep mah, gagal sakali dua kali mah jamak, cobaan deui wae. Ulah babarian atawa elehan.
Kaopat, mun boga kahayang kudu bisa ngolo. Maksudna ngolo teh menta ka nu nyiptakeun kahayang jeung ka nu ngatur katepi jeung henteuna kahayang urang. Ka saha deui atuh ari lain ka Alloh SWT. Kumaha cara ngolona? Nya tangtu ku cara dikedalkeun tah kahayang urang teh, ngadunga sabadana solat. Tuluy omat deuih salian ti kudu migawe parentahNa oge kahan sagala anu dilarangNa. Da kitu kuduna ari boga kahayang mah, kudu bisa "ngala hate" Nu Bakal Ngabulkeunana.
Hadirin nu dipihormat, rerencangan sadayana nu dipikareueus ku sim kuring,
cindekna urang kudu boga jeung rea kahayang atawa cita-cita, tapi kudu dibarengan ku ngukur diri, usaha nu enya-enya, ngadunga, sarta satuluyna ngeunaan hasilna mah pasrahkeun ka Nu Maha Kawasa.
Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih lepat tatakrama dina ngadugikeunana.
Wassalamualaikum, wr wb