Contoh teks naskah surat lamaran cerita dongeng: Pidato Bahasa Sunda : Ngararancang Kahayang

Pidato Bahasa Sunda : Ngararancang Kahayang

Biantara Basa Sunda - tema ngararancang kahayang keur tugas sakola

Biantara anu ngajak pelajar atawa pamuda pikeun ngariksa diri sangkan teu jadi generasi anu boga masa depan suram.

buka pidato bagian kadua

Assalamualaikum Wr. Wb

Puji sinareng sukur hayu urang sanggakeun ka Alloh SWT nu Maha Welas - Asih. Sholawat sinareng salam mangga urang dugikeun ka Nabi Agung, Muhammad SAW. Teu kakantun ka kulawargina, para sahabatna, sareng ka sadaya umatna anu tumut kana ajaranana. Pamugi urang kalebet ka umatna anu baris kenging syafaat ti mantena, ammiin.

Hadirin nu dipihormat, Bapa/Ibu guru sareng sadaya rerencangan nu dipikanyaah ku sim kuring. Daramang sadayana? Mugi-mugi urang tetep dipasihan kasehatan sareng kabagjaan, komo sakedap deui urang bade mayunan ujian ahir, sing sukses sadayana, nya!
Alhamdulillah dina danget ieu, sim kuring dipaparin kasempetan kanggo ngadugikeun biantara. Jejer atanapi poko biantara anu bade dipedar teh nyaeta Ngararancang Kahayang.

biantara basa sunda

Hadirin nu dipihormat, utamina rerencangan sakelas sadayana. Urang ayeuna aya dina tungtung waktu, ahir tina tilu taun urang babarengan. Genep semester urang nyuprih elmu neangan pangabisa, diaping ku para guru sarta babagi di antara urang. Dina ahir pendidikan urang, naha urang tos ngiker-ngiker rek kumaha sanggeus ieu lekasan? Bisa jadi urang teh kungsi ngimpi, hayang anu atawa rek anu jaga teh. Moal boa di antara urang ge aya nu sumanget, yakin bakal ngahontal kahayangna, optimis rek bisa newak cita-citana. Tapi saha nu apal, boa nu pesimis oge aya, anu bingbang, nu asa-asa, atawa nu galau oge rea boa? Cikan, saha nu rumasa keur galau ku masa depan? Ih ulah galow, ulah nepika urang jadi generasi MaDeSu, apal ka generasi madesu? Generasi nu boga Masa Depan Suram, suram tea atuh, deukeut ka poek mongkleng, nu teu kaciri curuk-curuk acan. Kade urang mah ulah kitu, ah!

Hadirin sadayana,
.....

biantara basa Sunda kadua

buka pidato bagian kadua