Contoh teks naskah surat lamaran cerita dongeng: Pidato Ulang Tahun Anak Bahasa Sunda

Pidato Ulang Tahun Anak Bahasa Sunda

Contoh Pidato Ulang Tahun Anak Bahasa Sunda, biantara pamapag tepung taun.
gambar orang pidato

Pidato bahasa Sunda atau biantara basa Sunda ini disampaikan sebagai sambutan atau pamapag pada acara Ulang Tahun (Tepang Taun) oleh orang tuanya.
Assalamualaikum wr wb.
Bapa, ibu miwah saderek sadayana anu ku simkuring dipihormat.

Kalayan asma Allah Nu Maha Welas tur Nu Maya Asih. Langkung ti payun widian simkuring ngadugikeun hatur sewu nuhun kana saniskanten perhatosan bapa-bapa, ibu-ibu sareng saderek sadaya anu parantos kersa ngaluuhan kana uleman simkuring ieu.

Shalawat sinareng salam mugi tetep disanggakeun ka panutan urang sadaya kangjeng Nabi Muhammad SAW, sareng ka kulawargina, para sahabatna tug dugi ka urang sadayana anu mugi-mugi kawuwuh rahmat sareng kasalametanana. Dupi maksad uleman simkuring ieu taya sanes kanggo sukuran pangemut dinten dibabarkeunna pun anak wasta (nama anak) dina tepang taun anu ka (umur anak).

Tujuan simkuring ngayakeun paremutan ieu sanes kanggo ngogo pun anak atawa miceun rijki sakedik anu taya gunana. Nanging simkuring ngayakeun acara ieu nyaeta kanggo langkung ngemut-ngemut kawajiban simkuring salaku sepuhna sareng kawajiban pun anak.

Tangtos janten kahoyong urang sadaya, nyaeta hoyong gaduh putra anu soleh anu dipirido ku Allah SWT. Luyu kana salah sawios katerangan anu kaunggel dina hadits Rasululloh, anu unggelna:

"Upama maot anak adam (manusa) mangka pegat sagala amalna kajaba tilu perkara, (nyaeta) shodaqoh jariyah, ilmu anu mamfaat, boga anak anu sholeh anu ngadu'akeun janu jadi indung bapana".

Pamungkas, tangtos aya kakirangan boh dina panampian atanapi tuang leueutna, simkuring neda sihapunten ka para wargi sadaya.

Mudah-mudahan Allah SWT masihan kaberkahan kana sadaya permaksadan ieu. Amin ya mujibas sailin, walhamdu lillah Rabbil 'alamin

Wassalamu'alakum Wr Wb.

download

download teks ini: Pidato bahasa Sunda - conto biantara