Contoh teks naskah surat lamaran cerita dongeng: Pidato Singkat Bahaya Narkotika, Psikotropika jeung Zat Adiktif

Pidato Singkat Bahaya Narkotika, Psikotropika jeung Zat Adiktif

Teks Contoh pidato bahasa Sunda dengan tema Kesehatan - Bahaya Narkotika, Psikotropika jeung Zat Adiktif
Bahaya Narkotika, Psikotropika jeung Zat Adiktif


Conto biantara ku basa Sunda anu jejerna Kasehatan - Bahaya Narkotika, Psikotropika jeung Zat Adiktif

Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng Siang Sadayana.

Ibu/Bapa Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan anu ku sim kuring dipikanyaah.

Ti payun hayu urang kedalkeun puji sinareng sukur ka Allah SWT anu salawasna nyalindungan urang sadayana, solawat sareng salam mugi tetep ngocor ngagolontor ka panutan alam, Nabi Muhammad SAW. Alhamdulillah urang tiasa tepung lawung dina danget ieu, dina kaayaan bagja tur sehat.

Hadirin anu dipihormat. Dina ieu kasempetan, sim kuring bade medar ngeunaan Narkotika atawa NAPZA.

Narkoba teh singgetan tina "narkotika dan obat/bahan berbahaya" atawa narkotika jeung obat nu ngabahayakeun lamun disundakeun. Salian "narkoba", istilah sejen anu diwanohkeun ku Pamarentah Indonesia hususna ku  dalam Kementerian Kasehatan RI nyaeta NAPZA nyaeta singgetan tina Narkotika, Psikotropika jeung Zat Adiktif. 

Eta dua istilah, boh narkoba boh napza teh ditujukeun ka kelompok senyawa anu umumna ngabogaan resiko kacanduan pikeun nu makena. Ceuk pakar kasehatan, narkoba teh sabenarna mah senyawa-senyawa psikotropika anu biasa dipake pikeun ngabius pasen anu rek dioperasi atawa dipake pikeun ngubaran panyakit nu tangtu. Narkoba jadi haram teh lamun geus dipake di luar maksud pikeun ngabius atawa ngubaran sarta lamun dosi makena geus liwat ti anu ditangtukeun.

Narkotika

Narkotika teh jenis zat anu matak kacanduan pikeun pamakena. Narkotika kabagi jadi tilu golongan nyaeta: Narkotika golongan I, nyaeta narkotika anu pangbahayana. Daya adiktifna atawa mataknyanduna pangkuatna. Golongan ieu sakuduna mah ukur dipake pikeun panalungtikan di laboratorium pikeun elmu pangaweruh. Conto jenis narkoba golongan kahiji di antarana antara: ganja, heroin, kokain, morfin, jeung opium. Narkotika golongan II teh jenis narkotika daya adiktif kawilang kuat, kuduna ukur dipake pikeun ngubaran jeung panalungtikan. Conto jenis narkoba golongan kadua nyaeta: petidin, benzetidin, jeung betametadol. Narkotika golongan III teh narkotika anu daya adiktif panghampangna, tapi sarua bae ukur bisa dipake pikeun ngubaran jeung panalungtikan. Conto jenis narkoba golongan tilu: kodein jeung turunana.

Psikotropika

Psikotropika teh zat atau obat salian anu lain narkotika, boh nu alamiah boh sintesis atawa jieunan, anu boga pangaruh psikoaktif ngaliwatan pangaruh selektif kana susunan saraf pusat anu ngalantarankeun parobahan has kana aktivitas normal jeung ...

lihat Pidato Singkat Bahaya Narkotika bagian kedua

Selengkapnya silahkan download...

download teks pidato

Pidato Bahaya Narkotika, Psikotropika jeung Zat Adiktif