Contoh teks naskah surat lamaran cerita dongeng: Pidato Perpisahan Bahasa Sunda 2

Pidato Perpisahan Bahasa Sunda 2

Biantara Basa Sunda bagian 2. Contoh Pidato bertema Perpisahan yang disampaikan pada acara Paturay Tineung (perpisahan) dan Kenaikan Kelas untuk SD, SMP, dan SMA.

biantara perpisahan pidato bahasa sunda

Pidato Perpisahan Bahasa Sunda bagian kedua

Bapa sareng Ibu Guru,sareng réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta,
Sim kuring atas nami wakil murid kelas genep/salapan/dua belas, seja ngadugikeun katineung, kedal lisan dina raraga paturay tineung. Bapa sinareng ibu guru anu dipikacinta, cunduk waktu ninggang mangsa, tilu taun teu karaos sim kuring saparakanca diatik dididik sagalaning elmu pangaweruh anu teu kinten seueurna jasa bapa miwah ibu guru sadaya. Sim kuring sadar yén salami tilu taun tinangtos seueur ngalakukeun hal-hal anu matak musingkeun sareng pikakeuheuleun. Kumargi sakitu, sim kuring saparakanca seja neda sihapuntenna tina samudayaning kalepatan.

Kalih ti éta sim kuring saparakanca seja neda pidua ka bapa ibu guru supados tiasa neraskeun diajar ka sakola nu langkung luhur. Teu hilap ka adi-adi sadaya nu masih kénéh aya di bangku sakola ti kelas tujuh dugi ka kelas dalapan , mugi sing getol diajar, sareng sing taat kana piwuruk bapa sareng ibu guru.

Bapa, ibu guru, sadaya nu sami hadir nu dipikacinta.
Sakitu katineung ti sim kuring, kirang langkungna hapunten anu kasuhun.

Wabillahi taufik walhidayah
Wassalaamu alaikum wr. wb.


lihat contoh Pidato Perpisahan Bahasa Sunda

Sumber : Buku Winaya Basa ;